11/9/16

Tata Basa Sunda Kiwari - Yayat

Tata Basa Sunda Kiwari - YayatJudul : Tata Basa Sunda Kiwari
Penulis :  Drs. Yayat S., Dkk.
Penerbit : Yrama Widya
Tahun : -
Edisi/Cetakan : - / -
Halaman/Dimensi : 352 hal. / (145 x 205) mm

Sinopsis

Tata basa mangrupa ulikan jeung pedaran seluk-beluk kaéda basa. Obyék garapan tata basa ngawengku kaédah sora basa (tata sora), adegan kecap (tata kecap), adean kalimah (tata kalimah), adegan wacana (tata wacana). Ku ayana tata basa, panyatur basa digiring sangkan ngagunakeun basa kalawan bener tur merenah. Najan kitu, kaédah basa henteu nyungkeret atawa ngawatesanan kaparigelan panyatur basa dina paguneman sapopoe. Tapi ngan ukur pikeun tatapakan sangkan larapna basa henteu salah.

Buku Tata Basa Sunda Kiwari disusun ku pakar basa katut pangajaran basa Sunda ti Jurusan Pendidikan Basa Daerah  (Sunda) Universitas Pendidikan Indonesia. Atuh munasabah upama eusina kaitung keuna tur lengkep, boh kaédah-kaédahna boh conto-conto anu geus baku. Jaba ti pidangan kaédah jeung conto-conto anu geus baku, ieu buku téh dieuyeuban ogé ku conto nyata tur kaédah mutahir minangka dadaran makéna basa Sunda mangsa Kiwari.

Ieu buku téh dipiharep bisa ngadeudeul pangajaran basa Sunda, siswa, mahasiswa, guru dosen, katut masarakat, umumna, anu keur narékahan tur ngahangkeutkeun makéna basa Sunda anu bener tur merenah. Tujulna bisa kahontal masarakat Sunda anu "hadé tata hadé basa".

No comments:

Post a Comment