11/4/16

Pelajaran Bahasa Sunda SMP Kelas 1 : Wirahma Basa 1 (Revisi) - Darpan

Wirahma Basa 1 - DarpanJudul : Wirahma Basa 1
Penulis : Darpan, S.Pd
Penerbit : Kiblat Buku Utama
Tahun : 2012
Edisi/Cetakan : / -
Halaman/Dimensi : 98 hal. / ( - x - ) mm

Sinopsis

Ieu buku teh dijudulan Wirahma Basa, ditulis kalawan harepan nu ngagunakeunana dalit jeung basa Sunda. Ngarah kapanggih sarina, kaulik unak-anikna, jeung weruh kana elmuna. Mun geus dalit, piraku tuluyna henteu nyaah mah. Mun geus nyaah tangtu bakal jadi endah.

Anu matak, ieu buku satekah polah nganteur nu diajar basa Sunda ku rupa-rupa cara ngarah dalit jeung nu makena. Diantarana ku ngalatih ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Bahanna ge rupa-rupa, aya nu dicutat tina koran jeung majalah Sunda, tina rupaning karya satra Sunda, atawa tina buku elmuning basa Sunda. Lian ti eta diwuwuh ku latihan jeung soal-soal ngarah urang parigel. Atuh keur ngajembaran wawasan, diilustrasian ku gambar atawa foto nu ngawanohkeun urang kana kebeungharan basa jeung budaya Sunda.

Kabehanana ge dumasar Kurikulum Basa Sunda nu kiwari dipake. Eta kurikulum teh diebrehkeun dina Standar Kompotensi jeung Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda pikeun tingkat SMP nu resmi digunakeun dumasar SK Gubernur Jawa Barat No. 423.5/Kep.674-Disdik/2006.

Mangga tingali oge buku basa Sunda Baku Kaganga.

No comments:

Post a Comment